LEMAH CAI
KURING
Lemah cai
kuring..
nagri endah
asri..
sugih cacah
jiwa..
bahan lubak
libuk..
sim
kuring…tresna miwah nyaah
ka lemah cai
pribadi
kuring
suka…kuring betah
di bali geusan
ngajadi
DUNYA
Nyawang mangsa
katukang
hate
honcewang..salempang
kuring lir
ibarat….manuk
anu keur diajar
hiber
dipaksa incah
tina sayang
gimir…sieun….
sieun ku
geledegna dunya
anu can puguh
kumaha kahareupna
anu can puguh
naon nu bakal tumiba
tapi ieu hiji
kanyataan
anu moal bisa
disingkahan
lalaunan tapi
pasti, kuring bakal nyorang
nyorang lampah
anu nyata….
lampah anu
saestuna kudu dipilampah
ku sakumna
insan nu kumelendang di alam dunya
kiwari……kuring
teu galideur deui
moal inggis
dina nyorang kahirupan
moal sieun dina
nyorang lalakon
pikeun
ngawangun jati diri anu sajati
jati diri
lalaki pinilih
lalaki langit
lalanang jagat
ayeuna…didieu,
kuring nangtung
ajeg panceg lir
ibarat tunggul kai
moal unggut
kalinduan moal gedang kaanginan
moal ngeplek
jawer ngandar jangjang
dina
nyanghereupan…DUNYA
DIDIEU KURING
NANGTUNG
didieu mangsa
katukang
kuring
nangtung…
nitenan endahna
alam priangan
lembur nu
singkur, tengtrem karaharjaan
di luhur
gunungna, dina legok landeuhna
ku herang
caina, ku loba laukna
geledegan
tangkalna, recet manukna
piit leutik
dina luhur tangkal kai
nitenan pucuk
awi ting garupay
mapag mangsa
isuk-isuk
didieu mangsa
ayeuna
kuring
nangtung…
nitenan robahna
alam priangan
gunungna geus
ditugaran
tangkalna geus
dituaran
caina mimiti
beak, laukna paeh sakarat
piit leutik
dina luhur tangkal kai
nitenan pucuk
awi ting garupay
semu sedih tur
nalangsa
ku ruksakna
alam priangan
didieu kuring
nangtung..
No comments:
Post a Comment